Kagoda
Akang abdi kagoda
Abdi kabandang ku diri engkang
Akang panutan ati nu lawas ilang
Datang nembongan
*********
Akang atuh dimana
Taya wartosna batin nalangsa
Akang geura jol sumping
Abdi teu sabar lami ngantosan
Aduh engkang nu kantos teupang
Bet kapicamcam ka bayang-bayang
Tali harepan urang duaan
Sing lana manjang
Aduh engkang
Siang wengi emut bae
Mung wengi sering ka impi
Brai siang ngabarungsinan
Duh aduh engkang
Iraha rek teupang deui
Iraha rek nongol deui
Pan abdi kangen ka engkang
Engkang teh pucuk harepan
Kembang impian
Nembus ka jantung katresna, kacinta
Engkang teh pucuk harepan
Kembang impian
Nembus ka jantung katresna, kacinta
Akang abdi kagoda
Abdi kabandang ku diri engkang
Akang panutan ati nu lawas ilang
Datang nembongan